Tuesday, May 01, 2007

Kawasaki Kaze - MX (The Concept)


Ti baheula kuring geus boga cita-cita hayang ngabogaan motor gagah jiga Jupiter MX… Tapi nya kumaha deui dalah duitna oge pasiap siap wae jeung duit dapur; lamun dipaksakeun pasti pamajikan baris manyun meureun... he..he.. Nya ku kituna wayahna wae ku kuring Si Kaze-R nu dibeuli sataun kaliwat tepikeun ka ayeuna ngeureuyeuh diusapan jeung ditumpakan we lah...

Tapi.. kuring teu eleh geleng... komo deui lamun ngingetkeun yen kuring resep kana Jupie MX lain gara-gara ku resep kekebutan teuing, tapi resep ku nempo bodina anu bohay jiga Julia Perez (komo mun nempo jangjangna; jiga erok katebak angin…! He..he..). Anu antukna kuring neangan akal, kumaha carana sangkan eta cita-cita bakal kalaksanakeun tapi teu kungsi ngaluarkeun duit puluhan juta, kalawan kuring baris boga motor anu jiga Jupiter MX. Tah, geuningan ayeuna geus mimiti katempo konsepna, hasil tina curat-coret make Photoshop, kuring meunang ideu pikeun napelkeun bodi hareup Jupiter MX kana motor kuring si Kaze tea. Kumaha tah...? lumayan hade kan...?

Modalna lumayan rada gede mun disakaliguskeun mah... keur meuli bodina wungkul kuring kudu moro heula ka tukang loak bodi motor di Jl. Raya Bogor Cibubur. Didinya ditawarkeun bodi hareup MX sagojod jeung rihting hargana kurang leuwih 700 rebu. Acan ditambah biaya pasangna, kuring kudu kolaborasi jeung tukang las karbit. Ah... kumaha engke we lah... nu penting mah ayeuna kumaha carana sangkan eta bodi MX bisa sagancangnya dibawa ka imah kuring.

No comments: